Tapi gua harap kalian ngerti yah hahaha
judulnya
Maung
Leutik Cangkengna
ayoo deh yukk kita langsung aja baca
Jaman
baheula mah maung teh antara cangkeng jeung dadana teu sabaraha beda, ampir
sarua bae gedena.
Dina usum paceklik di hiji leuweung,
sasatoan kungsi ngarandapan kakurangan kahakanan. Sagala bubuahan, beubeutian
katut jujukutan oge garing. Sabab halodo danget.
Hiji mangsa waktu maung keur
ngalantung rek neangan kahakanan, kabeneran keur aya peucang keur ngahuleng
jiga nu susah. Eta peucang teh kacida begangna, tinggal tulang jeung kulit.
Sabab sarua hese nyiar kadaharan tea.
Sabot peucang ngalamun, teu
kanyahoan ti mana jolna,gaur teh aya sora maung gagauran tarik pisan. Atuh
peucang kacida reuwaseunana. Sabab aya maung katuheunana, keur ngadodoho. Maung
teh kacida lapeurnana. Bangun geus hayang ngahakan peucang.
Peucang teh teu bisa kukumaha, sabab
ceuk pamikirna lumpat ge taya hartina. Ahirna peucang sumerah diri ka Nu
Kawasa. Manehna ngado’a sangkan disalametkeun tina bahaya nu keur ngancem ka
dirina. Pok peucang teh ngomong, “Salira Maung ayeuna mah tong gagauran, nyingsieunkeun.
Da puguh kuring mah kari ngerekeb. Tapi ceuk kuring mah leuwih hade nungguan
kuring heula lintuh. Seubeuh ge moal.”
Gaur maung teh ngagaur deui,bari
nyarita ka peucang, “Hey Sakadang Peucang, aing teu ngarti, naon sababna maneh
teu lumpat nyingkahan aing ?”
Ceuk peucang bari lumengis, tuluy
ngomong, “Kuring teu lumpat nyingkahan salira, sabab teu kuat lumpat. Kapan
kuring teh keur dititah ku Raja di dieu nungguan beubeurna. Raja ayeuna keur
usaha ka luar,nyiar pangabutuh keur urang sarerea.ku kituna kuring teu
lumpat.sabab boga tanggung jawab kana pancen, nu keur ditibankeun ka kuring ’’
Maung teu percaya, yen peucang
dititah nungguan beubeur raja. Sabab kapan biasana oge nu dititah ngawal raja
mah,sasatoan nu garalak. Tuluy maung nanya ka peucang, ‘‘Mana cikan beubeurna,
kuring tempo!”
Maung tuluy mamaksa ka peucang.
Ahirna peucang nunjuk ka nu keur ngajepat di dinya. Maung ngadekeutan kana eta
barang tea. Tuluy peucang ngomong ka maung, “Eh, salira teu kenging nyaketan
eta beubeur. Komo bari jeung hoyong nganggo mah.” Maung ngajawab,”Ah, naha make
teu meunang ? Pan kuring ge kaasup pangawal raja?”
Ku lantaran maksa terus, ahirna
peucang nyatujuan. Ngan aya saratna. Meunang eta beubeur dipake,tapi kuring
kudu jauh heula ti dieu.maung nyatujuan. Barang peucang geus jauh, ngan rap we
dipake eta beubeur teh. Na ari barang dipake, ..... gorowok teh maung
ngagorowok. Nu disangka beubeur teh, singhoreng oray welang.oray teh ngabeulit
cangkeng maung pageh pisan. Nepi ka manehna teu bisa ngeleupaskeun diri tina
beulitan orang welang tea. Nepi ka cangkengna jadi ngaleutikan. Ti harita maung
teh jadi leutik cangkengna. Da kapeureut ku beulitan oray welang tea.
Dongeng ini gua kutip dari : Galura, Edisi III, Juli 2010, karya Nuryani
Semoga bermanfaat
mungkin nanti gua ngasih translate nya hahhaha =D
Tidak ada komentar:
Posting Komentar