baca yukkk
tapi ini Bahasa Sunda lagi yah ga apa apa kali yah sekalian melestarikan Budaya Sunda.
judulnyaa
Ku
Naon Maung Bet Belang ?
(ini dia ceritanyaaaaaaa)
Jaman baheula mah maung
teh teu belang kawasa ayeuna. Polos we buluna teh, warna semu koneng oranyeu.
Tapi ari galakna mah angger we sato galak kawas kawari.
Dina hiji mangsa aya
jajaka ngaranna Tahtoh, rek ngala hoe ka leuweng. Keur kitu kadenge aya sora
ngagerem tarik pisan. Ari breh the aya maung gede pisan. Keur cicing di dinya.
Malahan pas nyegat leumpangna Si Tahtoh.
“Maneh rek dihakan
kaula!” ceuk maung.
“Teu nanaon!” ceuk
Tahtoh, nembongkeun kawani.
Maung reuwaseun. Asa kakara
aya jelema nu teu sieun dihakan maung.
“Naha maneh nyebut teu
nanaon rek dihakan kaula ?” Maung nanya.
“Sabab maneh ge
sakeudeung deui sarua bakal maot,” ceuk Tahtoh, “Bakal aya caah gede. Cai teh
bakal ngabuden dunya. Malah bakal nepi ka langit. Lauk-lauk bakal ngagorogotan
bulan. Ku lantaran kitu kuring ngala hoe keur nulungan sobat kuring. Bakal
digantungkeun dina puncak tangkal, samemeh caah datang. Kuring teu haying
kapiheulaan ku caah”, Tahtoh nerangkeun panjang lebar.
“He, Sobat!” ceuk
maung. “Kuring can haying maot. Kuring haying jadi sobat anjeun. Gantungkeun
kuring tina tangkal anu luhur. Kuring jangji, moal wani-wani ngahakan anjeun,
sanaja caah geus lekasan oge.”
Tahtoh api-api mikir.
Manehna api-api moal nurut kana pamenta maung. Keur maung mah hal ieu teh,
beuki nambahan kapanasaran. Manehna tetep haying digantung dina tangkal kai
tea. Ahirna mah Tahtoh nyaluyulan pikeun nyalametkeun maung. Awak maung
dibelitkeun ku hoe, pinuh hamper saluar awak.
Maung geus ngagantung,
dicangcang dina tangkal nu pangluhurna. Sababaraha poe maung ngagantung dina
tangkal kai. Tapi caah nu dipikasiunkeun teu aya datang. Kakara maung sadareun,
yen dirina geus dibobohong ku Tahtoh. Muang adug-agugan, haying ngalepaskeun
awakna tina beungkeutan hoe. Tapi beuki manehna adug-adugan, hoe beuki tarik
ngabeulit awakna. Bakat ku hantem-hanteman gugurubugan mah, maung teh teu
burung bisa ngaleupaskeun awakna tina beulitan hoe. Maung bisa turun tina eta
tangkal kai. Ngan galarangan tapak beulitan hoe dina awakna, ninggalkeun
gurat-gurat hideung nu ngagereleng. Tah, eta sababna nu matak maung tepi ka
kiwari awakna jadi belang.
Dongeng ini saya kutip dari :
Majalah Mangle, No.2237, karya Ambu Tetty
Suharti.
Semoga bermanfaat dan gua bisa ngepost translate nya
Tidak ada komentar:
Posting Komentar